text berjalan

WILUJENG SUMPING DI BLOG GURILAPS_ASGAR

Senin, 17 Maret 2014

PEDOMAN CERAMAH PERSI BHS SUNDA

-Ceramah Bag 1 :

Ust Cilik Ledy achmad Fauzy




Assalamu alaikum Wr Wb.


Alhamdulillah gening ngajawabna rampak sekar rancage di gawena eta teh nawiskeun urang micinta kana agama is,,,,,,, islam
  Ari agama,,,,,,,
gama teh anti riwueh tara kacau, anu matak dimana agama datang ka alam dunya, kakacauan kudu euweuh, kajahatan kudu musnah, korupsi kudu di basmi,,, sanes kitu para hadirin,,,,,?????



Sateuacanna simkuring ngalanjutkeun ieu ceramah,
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna,
urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalayan dina kayaan sehat walafiat.
amieeen,,,

Hadirin kaum muslimin anu di mulyakeun ku alloh, ari sceramah teh kedah aya judulna, tah dina waktos anu barokah ieu insya alloh simkuring bde nyandak judul nyaeta KABERSIHAN,

Hadirin kaum muslimin anu ku simkuring dipikahormat.

Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat anu bersih kanggo urang sadayana.
Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit.
Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.
Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung,
nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.
Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani.
Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien...
Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem,
bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

wabillahi taufik walhidayah,,,,,

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.



- Ceramah bag 2 :


Ust Cilik Rafa Melandry Fauzy



ASSALAAAMU ALAIKUM WR WB.

       Bapak-bapak kalih Ibu-ibu anu ku sim kuring di pihormat , Langkung ti payun mangga urang panjatken puji ka gusti anu maha suci,
puja kagungan anu maha kawasa, syukur kagungan Allah nu maha gofur.
Salawat sareng salam mugi-mugi di kucurkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad Rosulullah S.A.W.

atuh teu hilap urang sadaya anu janten umatna mugia kenging rahmat sareng safaat ti manten-na jaga di yaomil akhir “Amin Yarobal Alamain”.
Ibu-ibu, wargi hadirin sadayana. Ku ngalangkungan ieu acara Alhamdulillah urang tiasa kempel ngariung pa teuteup wajah di ieu tempat mugi kenging ridho Allah Swt.
“Amin Yarobal Alamain”.

Wargi hadirin sadayana, sim kuring murid ti SMP 1 cikajang,
panginten urang moal wanoh pami teu wawala, moal apal pami teu patepang. Naon atuh anu bade di carioskeun teh?
Teu aya sanes seja nutur jalur carita lingkungan nu aya di sabudeuren wewengkon sim kuring nyaeta kacamatan PAMULIHAN.
Wargi hadirin sadayana ; upami ku urang di titenan hiji-hiji nikmat ti Allah Swt.
Tangtos moal ka etang anu pantes sareng payus ku urang di tafakuran sareng di syukuri.
Syukur dina istilah Islam,

Syukur nyaeta urang tumarima wireh sadaya nikmat ti Allah Swt sareng urang tiasa ngalaksanakeun sadaya kawajiban anu di parentahkeun ku Allah Swt,
sareng ninggallkeun naon-naon anu di larang ku Allah Swt.
Hirup sareng kahirupan urang aya dina hiji lingkungan ieu  teh mangrupakeun anugrah ti Allah Swt,
sapertos sim kuring hirup di lingkungan kecamatan PAMULIHAN hiji kacamatan anu tebih tina karamean,
PAMULIHAN anu disebat desa-desana aya di pagunungan ti desa ka desa jalan naek turun anu anu pinuh babatuan jeung leuweung.
Rupina Desa pamulihan paling ujung anu kalebet kabupaten GARUT, tiap para padamel anu di tugaskeun ka PAMULIHAN sok ngaraos sieun teu betah,

padahal anu tos ngalaman hirup di lingkunga Bantarujeg sadayana oge sok ngaraos nyaman sareng betah.
Bpa2 iBu2 hadirin sadayana, ayeunamah lingkungan cisandaan teh teu kakantun-kantun teuing, boh tina so’al pendidikan, ekonomi, sosial.
Margi satiap lingkungan tos aya sumber daya alam kanggo ningkatkeun hirup jeung kahirupan masyarakat.
Rupina sakitu anu tiasa kapihatur caritra ligkungan di sabudeureun kacamatan pamulihan, kirang sareng langkungna neda di tawakuf anu saageung-ageungna.

Wabillahi taufik walhidayah,

Wassallamualaikum warahmatullah wabarokatuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

r
A
G
S
A
_
Y
D
A
F